Rabu, 14 Desember 2016

Lagu-lagu daerah Jawa Barat

7 lirik lagu dari daerah Jawa Barat

1. BADMINTON
Badminton di mana-mana
di kampung jeung di kota
Badminton jeung suka-suka
panglipur lara brang ta
Di smes dikap dilob bek hen
Di smes dikap dilop klein spell
Ngulangkeun raket diatur
tingkahna maju mundur
Latihan ngarih di dapur
sareng ngangebug kasur
Badminton di mana-mana
di kampung-kampung di kota
Badminton jeung suka-suka badminton
Bari bgajungkung raket nyangigir
apung-apungan tibeulah kenca
Kana net nyangsang bulu kok coplok
rek babalonan ulin leutik keketrekan
Ngulangkeun raket diatur
tingkahna teh maju mundur
Dapur latihan ngarih gigih
2. BANDUNG
Bandung ! Bandung ! Bandung nelah “Kota Kembang”
Bandung ! Bandung ! Sasakala Sangkuriang
Di lingkung gunung, heurin ku tang-tung
Puseur kota numulya
Parahiyangan
Bandung ! Bandung ! Pada muru di jarugjugan
Bandung ! Bandung ! Ting runggunuk nyanding gunung
Bandung ! Bandung ! Dipasieup Cikapundung
Di Bandung mungpung, jalma ti kampung
Ngadon reureuh di Kota nyinglar kabingung
Bandung ! Bandung ! Pang beberah nu nandang wuyung
3.CING Cangkeling
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Blos ka kolong bapak satar buleneng
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Blos ka kolong bapak satar buleneng
Kleung dengklek buah kopi raranggeuyan
Keun anu dewek ulah pati diheureuyan
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Blos kakolong bapak satar buleneng
Kleung dengklek buah kopi raranggeuyan
Keun anu dewek ulah pati diheureuyan
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Blos kakolong bapak satar buleneng
4. BUBUY BULAN
Bubuy bulan sangray bentang
Panon poe
Panon poe disasate
Unggal bulan
Unggal bulan abdi teang
Unggal poe
Unggal poe oge hade
Situ Ciburuy
laukna hese dipancing
Nyeredet hate
Ningali ngeplak caina
Duh eta saha
Nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate
Ningali sorot socana
5. ES LILIN 
Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
ka kaler mah ka kaler katojo bulan
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
moal paler geuningan da ku sabulan
6. MANUK DADALI
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Tandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna
Ref:
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia
7.Peuyeum Bandung
Dimana-mana
Di kampung di kota
Tos kakoncara
Ku nikmat rasana
Sampeu asalna
Teu direka-reka
Naon namina
Duh matak kabita
Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian
Bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung
Henteu sambarangan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar